Wednesday, October 1, 2014

LDR

Selembut sapa di pagi hari
Mengalir doa yang terucap dari hati
Sejuta rasa yang telah ada
Kini tumbuh dengan indah
Bersatu dalam satu rasa
Menjadi sebuah kebahagiaan yang tidak terkira
Kadang jarak adalah hal yang menyakitkan
Namun jarak adalah sebuah tantangan
Tak banyak yang bisa kita lakukan
Hanya bisa menanti
Datangnya hari
Hari dimana tuhan mempertemukan kita
Dalam satu rasa yang sama
Rasa yang selama ini terpendam dan hanya mampu terucap
Tanpa terjadi
Tantangan untuk kita percaya
Bahwa Tuhan mempunyai rencana yang indah
Untuk kita
Tak berjumpa dalam waktu lama
Membuat kita menahan rindu yang semakin menggebu

Resensi Novel Mencintaimu Di Jannah

          Novel mencintaimu di jannah, karangan Ullan Pralihanta teh medal na taun 2013. Eta novel diterbitkeun ku Zettu, kandelna 408 kaca, kabagi 33 bagian.
          Ullan Pralihanta  nyaritakeun dua sobat anu papisah mangtaun-taun terus patepung deui dina kaayaan tempat jeung rasa nu beda.
          Caritana Rahman ngarasa dendem ka kulawarga Arya Laksono, sabab pikirna Rahman kulawarga Arya Laksono nu jadi sebab Abina maot teh. Rahman hijrah ka Jakarta terus mulai sukses dina dunya hiburan.
          Sukses dina dunya hiburan kalah ngarubah watekna Rahman nu tadina getol ibadah ayeuna mah estu hese. Dina hiji peuting Rahman teh panggih jeung Sarah anakna Arya Laksono, sobatna keur leutik. Sarah jadi istri anu geulis campernik. Sarah teu apaleun eta nu nulunganna teh saha. Rahman boga kereteg rek maehan Sarah pikeun muaskeun dengdemna. Ngan duka kunaon eta rencana teh teu aya nu hasil hiji-hiji acan.
          Dina hiji poe, Rahman kakara sadar yen manehna geus nyia-nyiakeun rasana jeung Sarah. Rahman ngahaja ngadatangan sarah, tapi pas anjog ka imahna Sarah tos teu aya di eta tempat. Rahman kacida hanjakalna, pas di hubungan ka nomerna sarah rupina lain sarah nu ngangkat tapi babaturanna. Sarahna mah parantos mulih ka tempat anu tenang.
          Ieu carita kacida resepna, bahasana jelas, pola nulisna alus, tata artistikna aya. Tapi teu aya ilustrasi gambar penjelasan.
          Gaya pangarang dina ngarang estu realistis nyaritakeun kahirupan jaman ayeuna nu pinuh ku make perasaan. Maksud pangarang dina eta novel teh kacida alusna, yen urang teh ulah sok nyia-nyiakeun waktu pikeun hal-hal nu teu penting. Dina kahirupan butuh proses jeung adaptasi.
          Kakuranganna nyaeta henteu di dukung ku ilustrasi gambar anu fungsina pikeun pembaca teh ngarti kana suasana bacaanna.


hapunten bilih aya kalepatan.



Tuesday, June 10, 2014

Rindu

Ada satu rasa yang terpendam
Hingga membuatnya tak bertuan
Semakin lama semakin dalam
Bagai mentari di telan gelapnya malam
Sang dewi malampun tak menampakan dirinya
Membiarkan diri ini sepi sendiri
Tanpa kehadirannya
Gelap terasa saat ku menatap sekelilingku
Aku menanti sebuah jawaban yang mungkin tidak akan pernah terjawab
Oleh apapun dan siapapun itu
Kenapa?
Karena semua jawaban itu hanya tuhan yang tau benar atau salahnya
Aku merindukannya seperti merindukan rembulan
Aku ingin menemaninnya seperti bintang menemani rembulan
Lihaaaaat
Pelangi melengkung pagi ini
Menambah keindahan yang terpacar hari ini
Semoga tuhan mendengar apa doa kami

Thursday, May 15, 2014

Dalam Jarak

Ada bayang senyumu yang menghiasi hariku
Ada suara tawamu yang tenangkan jiwaku
Ada sapa hangat yang mengalir dari bibirmu
Walau tak banyak waktu yang terlewati bersama
Namun aku merasakan
Ada sebuah ikatan yang cukup kuat untuk kita bertahan
Cukup kuat untuk melalui semua cobaan
Dalam jarak yang cukup jauh
Kita saling menyapa dengan hangat
Dalam aktifitas yang padat
Kita saling memerhatikan
Memendam rindu yang selalu menggebu
Kadang membuat kita kesal
Tapi kita mampu bertahan
Sekarang
Esok
Nanti
Dan selamanya
Kita bersama
Menyatu dalam satu tujuan
Bersama dalam jarak
Kita lalui setiap harinya
Bersama mentari kau bersinar
Bersama rembulan kau pancarkan cahaya dalam kegelapan
Kau embun di pagi hari
Yang menetes menenangkan jiwa
Kau bunga di pagi hari yang harum semerbak
Kaulah yang menemani setiap langkahku
Mengalir namamu dalam setiap doa
Semoga Tuhan merestui setiap langkah kita

Wednesday, February 26, 2014

Tanyaku

Kadang hati bertanya pada sang rembulan
Apakah disana dia merindukanku?
Apakah disana dia memujaku?
Apakah disana dia mengingatku?
Tak henti aku disini memanggil namanya
Merindukannya
Mencari hangat senyum sapanya
Bungapun ikut melayu saat ku merindukannya
Awanpun murung saat aku termenung memikirkannya
Hati ini memang tak setegar karang
Tak sekuat besi
Namun hati ini miliknya
Hanya padanya hati ini berlabuh
Menitihkan rindu yang semakin menggebu
Bersambungan diantara langit biru
Sinar mentari tak terlihat lagi
Saat aku tak berjumpa dengannya
Cahaya hatiku padam saat dia tak menasihatiku
Pikiranku kosong saat semuanya berbeda
Jiwaku melayang entah kemana
Menyusuri jalan mencarimu
Kembalilah sayang
Kumohon kembalilah
Aku merindukanmu
Aku merindukan kita
Kita yang selalu bersama
Engkau yang selalu mendengar semua keluh kesahku
Engkau yang selalu ada saat aku membutuhkanmu
Engkau yang tak pernah padam walau dalam guncangan angin badai

Untukmu aku bertahan disini

Move On


Kita udah sering denger kata move on. Sebagian remaja di dunia galaunya selalu berkata move on dengan berbagai masalah tentang pacaran. Dan kesimpulan buat para remaja tentang move on itu identik dengan melupakan mantan.
Tapi menurut pendapatku move on itu bukan hanya melupakan mantan. Dari katanya sendiri move on itu sudah berarti pindah tempat. Maksudnya adalah kita itu harus berpindah dari tempat yang tidak baik ke tempat yang baik bahkan lebih baik.
Kita semua pasti pernah mengalami yang namanya move on, dan move on yang kita alami itu berbeda-beda. Misalnya, saat kita melakukan kesalahan dan kita menyadarinya lalu kita berusaha buat ga ngelakuin lagi kesalahan yang sama kemudian menjadi pribadi yang lebih baik itu bisa di bilang move on juga ko.
        Terus kalo kita harus nunggu-nunggu yang ga pasti, misalkan nunggu presiden datang kerumah atau hal apapun itu yang ga pasti mau gamau kita harus tinggalin dan lupain anggap gapernah terjadi dan itu juga move on ko.
Jadi, move on itu bukan berarti sepenuhnya ninggalin dan ngelupain tapi lebih condong ke kejadian yang di jadikan sebuah pelajaran. Pelajaran yang hadir untuk membuat hidup kita lebih baik. Tapi semua itu kembali pada diri kita sendiri, karna pemikiran setiap orang itu berbeda-beda atau relative.

Tuesday, February 25, 2014

Bambang Surya Ningrat

Mentra-mentra winualang sasrta tinuara pinulang panjiang engawuwus penenggih karta purwantara. Purwa hartosepun wiwitan kara harosepun kraton. Karaton ingkang dianggo jejer sinarita bonten wenten mali, keciabi ti salamaten pagelaran kraton ciawi kraton nagara purba kanacana, nagara beurat beunghar. Engkang da tos nalendra dodotelu dodoloro, anging sawiji-wijina hingih mangguh sapenawak denawa. Kakasih pun bibisik prabu purba sakti. Engkang sampun wentening benatu remahata dedampal dentapi nailpi ting sasi sosoro nengara waretna. Limit babun perang wedani ginandar winda nyebat kasturi lan sinelebaran lanso sari-sari. Mawih sing saruana endah di tarentes kinten merinukmi munumubiang radia kunang-kunang. Remagian yen patih purba denta la suwiji senopati kara bidek sansari mitungkul hamari gelutan nyemah narimang sabdaan ajrih ningali pamor nalendra. Watek wantos sang nalendra gagah sakti mandra guna, tuntas tina kanulan ka gagahan kasaktian langkamandragunaan. Pengawakan jangkung gede simardada bewasimrus taya papadana pasemolok lir bangbarongan anu pamengan deka geleger asbengkah sok sanyorot nandingan surya kembang. Anu dina waktos ieu sang nalendra kenging kabungah anu luar biasa wireh, putrina anu kakasih dewi purba ningrum parantos tutas tina masantren kalayan parantos pinuh ku didikan rohani lan jasmani. Nyaeta ngudag elmu bab kamanusaan. Sadayan samingan tos kaneda wuh nalendra, teu aya anu wanton batuk-batuk acan pangaruh tina luhurna wibawa sang nalendra. Eee yaa saur wireh pan anapanjang sinungkir. E ya sinenggihin sabda uninga. Samira tanganna panjang sinenggih sabda uninga. Wismama malampah tiden ning asih ya te ning ati. Aya kening asih, wara kakarang nuah. Sri tenun pangewakan gusti kembang aneka warna pusana mandekawa-mandekawarna. Sri tenun pasewakan pusana mandekawarna. Kerbaken pustaka nudian mundiang pajeraking sangarukma. Ya sarwa sukma lenggeng manik ngarawata. Dissalameting pagelaran yawi karaton nagara purbakancana. Sang nalendra bibisik purba sakti, tema gentian patih purba nenta lan senopati  sami tungkul haderana senopati bingah narima sabdaan ajrih ningali pamor nalendra. Watek wantos ang nalendra gagah sakti mandra guna. Tuntas tina katimulan dina kagagahan. Ngandih kakaodaling singmakatena ngantih kawanitu.
Paduka             :“ihihihihi anu payus di piagul kalayan di pireueus lan senopati yap kahareup”
Patih                :”Daulat sri paduka gusti pupude ning adil abdi gusti nampi kana pembagen kalayan yewun katampi sempangabaktos ku jenengan hehehe”
Paduka                         : “Ditarima puja astuti sampean”
Patih                : “Kalihna ti eta, kansah diajeng-ajeng aya pikersaeun naon sri paduka?”
Paduka                         :”Kehelaanan, tenang wae.”
Senopati          :“Paduka abdi gusti nampi kana pembagen kalayan ngahaturkeun semrak baktos kahuyupan jenengan.”
Paduka                         : “Heug ditarima.”
Senopati           :” kahuyupan kakang patih”
Patih                : “Nuhun ki adi nuhun, di tampi ku akang.”
Senopati                       :”Kalihna ti eta, aya pikerseun naon ieu the purwa pan kersanimalang kansah di ajeng-ajeng gusti, tah kieu geuning kagungan karaton sisi jalan teh.”
Paduka                         :”purwa dihaturanan linggih leres, saperkara mah hayang panggih hayang ngobrol kieu ngarariung, da ari aya nu patula-patalina jeung kaayaan nagara teh urang mah geus rada rineh, anu demo geus rada areureun, rada tiis, karasana tiis ceuli herang panon.”
Patih                :”Leres paduka.”
Paduka                         :”Kaduana ti eta ngahaturkeun nuhun ka ki adi parantos ngaosan kana pangangkir.”
Senopati           :”Leres gusti.”
Paduka                         :“Sajabana ti eta kaula teh rek ngahaturkeun pangajen anu saluhur-luhurna ka ki adi, ka senpati, ka sajumlah aplatur nagara, ogih ka sajumlah masarakat nagara. Anu parantos ngiring nyinglidkeun baju kenca katuhu nyeta dina mangsa ngarinjatkeun dina sagala rupa widang kagiatan anu aya patula-patalina keur kapentiingan balarea di malang kalayan menta supaya di ronjatkeun deui dina naon rupa pangabdian ka urang jeung kabangsa.”
Patih               :”Diesto keun paduka”
Senopati                       :”Diestokeun paduka mmmhhh, malihan ari masrakat didinya mah kulan gusti beulah tonggoheun padalarang mah parantos nganuhunkeun ku seueurna proyek ayeuna. Can tina air bersih, nya kaleresan pan ka palurahna anyar nembe dua minggu ieu the. Nya juragan andik?”
Patih               :”Nya.”
Senopati                       :”Atuh tina pangwangunan, sakola-sakola sd ayeuna teh kenging bantosan anu parantos di wangun kulan gusti.”
Paduka                         :“Heueuh,”
Senopati                       :”Atuh tina pendidikan pan sakedap deui ayeuna mah bade nyebar ngeunaan puad.”
Senopati           : “Puad teh wala?
Senopati           :”Puad teh eta sesepuh ti siburia.”
Senopati           : “Ishh..etamah kiyai atuh, siburia ciwidey.”
Senopati                       :”Ari puad teh nyaeta pendidikan anak, paud sanes puad. Pendidikan anak-anak usia dini. Kitu kulan gusti parantos disebarkeun kangge pigurueunnana mah ka tiap-tiap kampong ngeunaan pendidikan,da puguh nya kitu kapan ieu nagara urang the meriogikeun sumber daya manusa nu berkualitas.”
Paduka                         :”hahahhaha heug-heug sukur-sukur .”
Senopati                       :”Kitu kulan gusti, sok lebar temenan upami ningal kana sawatawis kaayaan nagara anu tos sakieu harenghengna kulan gusti. Pajeujeut ku deudeuleuan ayeuna mah eu urang ngeureuyeuh wae keun wae anu parantos ruksak mah nya ayeuna urang omean deui utamina nyaeta dina ngdidik murangkalih waktos ayeuna teh anu leres-leres kedah micinta ka lemah cai sorangan, kitu kulan gusti.”
Paduka                         :”nya.”
Senopati                       :“Kahiji micinta kana lemah cai sorangan kaduana micinta kana budayana sorangan.”
Paduka                         :”heueuh alus-alus”
Senopati                       : “margi katinga barudak ayeuna the ih da tara. Kaulinan di buruan the ayeuna mah ampir parantos rek leungitan. Model gondang, galah” sasalimpetan, encrak, nya. Ayeuna mah parantos di ganti ku ps ulinan budak the kulan gusti, nya eta wae anu apal the sepombob nya sareng dora emen.”
Patih               :”Doraemon”
Senopati           :“kitu kulan gusti”
Paduka                         : “sok ronjatkeun-ronjatkeun, sajabana ti kitu kaula the ieu the luar biasa meunang kabungah the ki adi, kulantaran si nyai ayeuna heueuh da kumaha atuh kabawakeun ku anak kulan the. Tuang putrid kaula si nyai dewi, mustika dewi atawa purbaningrum. Anu sasatna mah manehna ngulik kana elmu bab kamanusaan jadi kabawakeun wae kaula the.eukeur mah ngulik kana bab kamanusaan puguh si nyai mah anak kaula da heueuh manusa. Malah loba lalaki nu katarik kapaji kapati kapentang asmaragama, loba jajaka anu kaedanan. Weuuh marukankeun the unggal poe sing saleleber pahade-hade kandaraan ditabeuh wae telakson the tutot, maksudna mah meureun ngahelaran kitu, ngan da si nyai tea atuh acuh ka lalaki the, ngan tina kaacuhan ieu si nyai melang aing the. Sieun teu bogoh ka lalaki paur sieun jadi nona igun aingmah. “
Patih               :” ah nah, moalgusti. Piraku “
Paduka                         :”Anu jadi kamelang the eta, ngan deui pati-pati kaula boga minantu oge hayang ka jalma anu saluhureun kaula kakayaanana. Kitu lain piduit aing mah naon sababna, bising sangsara engke di tinggalkeun paeh. Kitu budak ngan hiji-hijina “
Senopati           :”ah ai jodo mah panginten gusti kumaha ceuk bogoh murangkalih bae”
Paduka            :”heueuh nyaeta loba tateh nu nuturkeun bogoh the pan kadituna mah amburasut, sabab ngan sabet bogoh wungkul mah waaahhh hartina meureunan kudu geus dewasa ngaran-ngaran geus boga salaki the nya.”
Patih                :”kantenan-kantenan-kantenan”
Paduka                         :”tah kitu ki adi, malah kaula the sok kabita ngadengekeun sejarah-sejarah nu geus kaliwat, make jeung di nagara pake pesta sayembara sagala, lamun tea mah sinyalna beuki dieu beuki loba nu dararatang, heueuh nu bogoheun“
Patih                :”timbalan”
Paduka                         :“ah dek di sayembarakeun keun bae patih jadi jago sayembara lamun tea mah ayeuna si nyai aya nu ngaharepkeun rek di pentes bae tanaga jeung pikiran pikeun milih jodo si nyai mah urang sayembarakeun bae. Wayahna maneh jadi jagona tih, kira-kirana sanggup?”
Patih                            :”hihihi paduka gusti pupude ning ati, dina leresan dieu tadi oge pan pujeng hingga kapurut laraga tanaga parang patih ge kasebut nyanggakeun.”
Paduka                         :“karesep tateh lalajo gelut the aing the, da euweuh deui olahraga nu sok di lalajoan mah lintang ti tinju jeung sepak bola nya”
Senopati                       :”persib ge pan eleh lumayan gusti. 3-1 leuheung lamun saeutik elehna tapi da tilu geuning”
Paduka                         :”jeung mana?”
Senopati           :”sareng persija,”
Paduka                         :”heueuh da biasa ari maen mah eleh jeung meunang heueuh. “
Senopati                       :”Ngan eta weh atuh nu di kandang jeung mineng teuing eleh nage nya kitu, kagila-gila keding kulan gusti, bari pamaen the meuli etateh nya. Padahal lamun abdi mah bangsa abdi mah di beulina nya, wahh resep panginten gusti“
Paduka                         : “bisa nyaneh nyepak bola?”
Senopati           : “ihh kapungkur oge tombros tarambang bola teh”
Paduka                         :”ku bola?”
Senopati                       :”sanes kaduruk”
Patih                :”mana karep bae sia “
Senopati           :”Kitu, margi latihan mah sering abdi the nyepak pun bojo
Paduka                         :”hmhmhmh tah kitu ki adi pokona lamun di parengkeun si nyai meunang jodo waaah 40 poe 40 peuting aing mah nya kitu pangaosan 15 peuting, papay ku aing the kiyai kabeh heueh dodog penca jeung sajabana wah…sanajan aing boga anak awewe geus gede, biasana sina depok mah dipakena jeung nu sunatan tah ieu mah ek dipake ngawinkeun ku aing si nyai the singa abrag-abragan dina singa depok. Lamun bisa mah aing embung ngan singa depok, hayang singa nyaan kitu.”
Senopati           :”kitu kulan gusti, sae pisan etateh ide the. Nya”
Paduka                         :”naha alus kumaha?”
Senopati           :”Sumuhun moal mayar panayaga singa depok “
Paduka                         :”Naha?”
Senopati                       :”Da pan nayagana nu di hakan ku singa.”
Patih               :”timbalan-timbalan lir pendra”

Barang nuju raos dina rasa kabungah manah kagungan putra istri geulis kawanti-wanti memang ieu putrid the parantos kasohor kamana-mana kageulisanana. Mustika dewi atanapi purba ningrum ku kituna ieu utusan ti nagara aslina residorna miwah sadayana para purawa ngaleut nguntuy ngabandaleut umat-umat datang taun cina. Wireh putrana prabu duryo dana raden mandra komara katrik kataji kapati-pati kapentang asmaragama ku ieu sang putrid. (Sorak hambal-hambalan)

Senopati           :”aya tamu paduka.”
Paduka                         :”tamu timana?”
Senopati           :”Katingalna mah ti nagara astina geuning aya kasepuhan residrona
Paduka                         :”ahhahaha yap-yap sadiakeun deui pagelaran tilu pikeun tamu-tamu nu liana. Geuning naon itu the anu di sarered?
Senopati          :”woah kareta-kareta gusti
Paduka                         :”naha atuh itu mawa jampana naha naon pesta ete tea kitu. Mangga linggih-linggih.
Paduka                         :”wayahna tampi tamu Beulah ditu
Senopati           :”sae-sae, permios.”
Residorna        :”Sampurasun anggek
Paduka                         :”Rampes kaban hahaha

Datang de datang ngaderema wapagulingan rama. Dedayeuh pikarsamu prata, sampun prata.

Residorna        :”Ngenalkeun ieu pun anak
Paduka             :”Tuang putra eta the?
Residorna        :”Leres pun anak, aswatama ngarana
Paduka                         :”duh bagja-bagja haturan raos sepuh
Residorna        :”Nampi-nampi nyaen nampi
Paduka             :”mangga tamu-tamu nu sapalihna supaya di pagelaran tilu bae
Residorna        :”Angersita laksacitra situmareksa pati marmu wirupaksa sicitra citrasih citrasitoma nggih-nggih. Mangga-mangga liggih di pagelaran tilu bae eta jajarkeun gotongan-gotongan maspuci cumaruncing nyumanten.
Paduka                         :”mangga-mangga linggih.”

Bingah ambarwata suka, bingah kagiri-giri, ngalih dedayo ingkang sampupratna. Bingah ambarwata suka .ningali dedayo ingkang smapu pratna. Dedayo sampu pratna ingkang sampu pratna. Sang nalendra prabu bingah ningali tamu sasatna ieu the anu dikenal pisan Residorna. Anu kasohor ieu the hiji sepuh anu parantos kasimpuh ku pangaweruh nyaeta kagungan padepokan jajar seja.

Paduka            :”Eheheheh naa asa kagunturan madu ka unrugan menyan punting sepuh. Haturan kasepuhan.
Residorna        :”eheheheh nuhun anger nampi kan pembagen,
Paduka                         :”Ieu tuang putra?”
Residorna        :”Leres, ieu teh pun anger. Umh mungan saese-saesena. Ngan hiji-hijina anak teh. Nya kaburu kabur pun bojona nya.
Paduka                         :”Wilujeng tepang atuh, pun adi aswatama.”
Aswatama        :”Nampi nuhun ger.”
Senopati                       :”Haturan raos sepuh,
Residorna        :”dupi ieu teh
Paduka            :”patih kaula ieu teh
Residorna        :”aduh, nuhun ger nuhun ger. Garagagah nya urang dieu, aduh enya
Paduka                         :”Kalayanna atuh ieu teh. Reuwas nu taya papadana ai kabingah mah komo, ai bungahna di poe ieu sasatna kagunturan madu kaurugan menyan putih. Anu arang langka pisan tiasa tepang sareng jalmi anu kasohor.”
Residorna        :”Tuh dengekeun aswatama, nepi kakieu ngaran jeung wibawa kolot nepi ka nagara ieu ngaran ama. Turutan ku maneh nya. Sanajan hirup ngalalana salirana tapi ari ngeureuyeuh nikreuh mah geuningan dina bab usaha naon we sedek daek. Sabab bisana kasohor jalma teh ku karya na nya ku gawe na. Tah kitu turutan matak tuluykeun ieu pasantren jajar sok kalimat sente nya. Umh Alhamdulillah angger.”
Paduka            :”kumaha kasepuhan?”
Residorna        :”Dijajar sok kalimat the ayeuna the parantos luar biasa canggihna kabina-bina. Parantos jadi pasantren modern, parantos sagala kompyuter, leptop. Pokona anu dalalaptar the ti kalangan tengah kahandap mah aranglangka. Ayeuna mah seuseueurna ti kalangan tengah ka cianjur enya.”
Aswatama        :”Kaluhur.”
Residorna        :”Bae heueuh, tah kitu. Kompyuter oge, internet oge parantos kartu duo. Ngalangkungan milinium ieu. Pentium opat dina milinium ieu teh.”
Paduka            :”Alhamdulillah atu nuhun.”
Residorna        :”Kitu ceuk emang oge, ngke bilih ieu mah bade hubungan sareng emang  teu kedah kaditu dina internet. Www didinya teh mun ceuk bahasa inggrisna mah dabelyu dabelyu dabelyu dorna doclang nya.”
Aswatama        :”dot kom meureun.”
Residorna        :”tah eta.heueh keun bae naha sia the nya.”
Paduka                         :”umh nuhun nuhun sepuh nuhun
Residorna        :”kitu punten bae emang mah beuki heureuy da tos kolot teh nya. Sajaban emang ti beuki heureuy teh beuki udud ayeuna teh nya. Numawi oge kitu.”
Paduka            :”Leres-leres salajengna atuh aya naon sepuh?”
Residorna        :”Kieu angger, tapi punten ieu teh jauh di jug-jug anggang di teang teh emang teh. Bilih ngarepotkeun, ngaganggu angger nuju sibuk panginten didieu.”
Paduka            :”Ah henteu-henteu, teu sawios teu sawios
Residorna        :”Sareng puntennya ieu teh bade rada lami mun sareng ngobrol teh. Sanes teu apal emang tata cara etika nyemah. Da ai nyemah mah komo ai ti peuting teh ulah leuwih ti sapuluh menit. Komo lamun pribumi geus heuay buru-buru we pamit nya kitu. Tapi punten ieu mah bilih lami yeuh.”
Paduka            :”mangga mangga mangga.”
Residorna        :”Emang the saleresna mah kautus kunu jadi ratu nimbelan tinu jadi raja Negara aspina. Saperkawis duaperkawis tilu perkawis. Saperkawisna nyaeta baktos ka salira jeung angger ka angger prabu buyudana .”
Paduka            :”Eleeh-eleuh, nuhun nuhun nuhun. Damang sang nalendra prabu.”
Residorna        :”aya hibar dina waktos ayeuna.          Kaduana perawis emang teh kieu, kapetona ku sang nalendra the.”
Paduka            :”kumaha ?”
Residorna        :”Wireh sang nalendra prabu suryodana the pan kagungan putra pameget.”
Paduka             :”Prabu suryodana teh kagungan putra pameget dupi kakasihna.”
Residorna        :”Raden mandra komara.”
Paduka             :”Raden mandra komara hmm”
Residorna        :”Sanes raden komarudin sanes, raden mandra komara.”
Paduka             :”Sanes mandra lanceukna omas? “
Residorna        :”Sanes sanes nya, atuh eta mah kasep. Tah ieu mah langkung.”
Paduka             :”Leres.”
Residorna        :”Kasep ngalangkungan asep sahroni enya. Sabelas duabelas jeung lurah andik mah kasepna budak nya rada sipit.”
Paduka            :”Leres.”
Residorna        :”Enya ari eta putra sang nalendra teh sasatna remaja putra. Nyaeta budak the keur gering nangtung ngalanglayung peuting tega kana sare beurang tega ninggalkeun barangdahar. Sihoreng simana horeng eta budak the keur kaserang panyakit birahi, nyaeta kapentang asmara karagama ku wanoja lami tilami eta budak the blak-blakan wireh katarik, kataji, kapati-patina the sanes kunu lian tapi ku tuang putrid ku kituna, manawi eta tuang putri teu acan kagungan bebene putra nalendra tiastina bade ngaleuleuheungkeun ka tuang putrid manawi bahan nu katampi. Emang teh nyanggakeun seja panglamar ku kituna tingali diluar gotongan emas picis kumarincing teu nyumanten. Naha kinten-kintenna teu acan kagungan bebene eta tuang putra. Emang the kapeto pikeun ngadugikeun amanat nalendra kitu ka ayaannana. Tah ku kituna mangga ayeuna nyuhunkeun waleran anu pasti, upami tea mah di tampi ieu panglamar emang wangsul deui bade ngabantun kitu putrana raja.”
Aswatama        :”kitu mawi teh ieu teh bade ngalamar, bade naroskeun kinten-kinten naha bade ditampi. Upami ieu panglamar di tampi, panginten ayeuna keneh oge aya utusan ti dieu ka astina pikeun ngabantun eta calon panganten pameget.”
Residorna        :”Tah kitu, meureun sakantenan wae urang rengsekeun pernikahan. Nya urang walimahan didieu. Malihan ayeuna the waktos the aduh ninggang dina rejeki ieu teh ninggang dina waris ceuk emang oge. Kumaha kinten-kintenna angger? Ieu tuang putrid bade di pileuleuheungkeun?”
Paduka            :”huahaha…tih euh bagja aing ihihih… kasepuhan-kasepuhan. Kaula the ieu the bungahh anu luar biasa lamun dibandingkeun jeung gunung anu ting jaleger di ieu dunya masih keneh gede kabungah kaula.komo deui pan pibesaneun the jalmina wahhh… raja beurat beunghar bru di juru, bro di panto ngalayah di tengah imah bunsileuit loba duit.
Residorna        :”Sami jalmi jegu jiga sareng urang dieu. Pokona tuang putrid sareng pun incu mah bakal disebut beubeulahan terong. Adu manis ceuk emang oge. Nya pada-pada waja ti dituna. Kitu jadi. “
Paduka            :”ai kangge kaula mah mangga the teuing. Mangga bagja-bagja. Nanging ieu the parantos tapi punten ieu, kaula the parantos jangji sareng ieu ki patih.”
Residorna        :”kumaha?”
Paduka            :”Jadi pati-pati kaula gaduh mantu ge nyaeta hayang ka jelma anu bisa ngelehkeun ieu patih kaula. Ieu anu parantos di rencana ku kaula.”
Residorna        :”kumaha ger? Saembara?
Paduka            :”Nahh, tiasa disebat saembara. Jadi saha anu bisa ngelehkeun ieu patih pun adi yeuh, tah nembe bakal di angkat ku kaula jadi mantu kaula.”
Residorna        :”eng……swatama”
Aswatama        :”Daulat”
Residorna        :”kumaha?”
Awsatama        :”Lah atoh wae, etang-etang ngacakan elmu anu kamari tea geuning.”
Residorna        :”Alus, lalaki etateh ngarana. Ulah leutik burih anak pandita mah. Nyanghareupan naon-naon oge kahareup! Tembongkeun dada teh, pan kitu ini dadaku mana dadamu.lalaki ngarana. Jadi cindekna mah saha anu tiasa ngelehkeun ieu patih nagara eta nu bakal”
Paduka            :”Jadi mantu kaula.”
Residorna        :”hor da teu di bantun calon panganten pamegetna oge. Kumaha ieu mah upami di wakilan?”
Paduka            :”Diwakilan ?”
Residorna        :”Diwakilan gelutna.tiasa?”
Paduka                         :”tiasa, teu masalah mangga.”
Residorna        :”oh tiasa?”
Paduka            :”Tiasa tiasa.”
Residorna        :”ahahaha beres kam ah. Tembongkeun anak pandita the ulah loba, ulah kesing. Sanajan aya kereta api oge lamun leumpang mah terus wae jalan. Malah nu ruksana ulah urangna tapi kereta api nu kudu runtuh tah eta lalaki. Nya ari hayang sohor. Atuh nuhun upami kitu mah, ieu the dinten iraha bade di kawitanana?”
Paduka            :”Ayeuna oge tiasa mangga, di dinya we di alun-alun ahahahah tapi panuhun.”
Residorna        :”kumaha?
Paduka            :”Boh ti pihak kaula boh ti pihak salira dimana aya nu eleh ulah aya nu dendam.”
Residorna        :”Oh moal ari carana kieu mah. Naha ieu kedah ngangge waragad?”
Paduka            :”ahh teu kedah, tong di sebut raja beurat beunghar. Keun di waragadan ku kaula, ieu mah urang mah nyieun acara dadakan waelah enya. Ahahahah bade sabaraha iji kinten-kintena anu”
Residorna        :”Ah henteu hiji wae heula lah. Nanging upami panginten anu hiji eleh tah pasti anu dalaptar the rada kurang. Enya da biasa urang astina mah pagede-gede sungut nya.”
Paduka             :”sae mangga-mangga. Tah kitu bae rupina nya, kira-kira patih sanggup?”
Senopati          :”Mangga nyanggakeun sadaya-dayana.”
Paduka            :”haa?”
Senopati          :”Mangga nyanggakeun sadaya-dayana.”
Paduka                         :”heueh kudu kitu ari jadi patih mah deuleu , tanggung jawab ngarana.”
Residorna        :”Hoyong ningal ari putrina the nu mana?”
Paduka            :”ah ulah waka ditembongkeun, eraan si nyai mah. Eraan si nyai mah panggih jeung jalma the ngeluk weh nya kitu.”
Residorna        :”Sae atuh angger, di alun-alun bae tempatna?”
Paduka            :”Dialun-alun mangga.”
Residorna        :”Tah kitu geuning tam. Urang ngriung heula saha bae nu rek daptar ngawakilan ieu. Tembok malah didieu tembongkeun kawani, tembongkeun kawani lamun kawani di tembongkeun engke biheung teuing awewena. Engke bogoheunana ka aswatama nya boa teuing jodo aswatama.”
Aswatama        :”Mudah-mudahan bae ama ah.”
Residorna        :”Atuh ceunah lamun maneh teu bogoh keun bae ku aing. “
Aswatama        :”Naaa, ama the tos sepuh aya keneh kitu napsu?:”
Residorna        :”Normal keneh aing teh, nepi ka kitu eta ngomong. Nganggap lemah we ka aing the. Gede keneh aing the napsu the, nya kitu.”
Aswatama        :”Paingan atuh itu meuni “
Residorna        :”Naon sia the?”
Aswatama        :”Tadi aya nu dagang rada mencrang-mencrang ge meuni teu ngiceup-ngiceup.”
Residorna        :”jeeh jiga indung maneh. Mangga atuh angger ayeuna.”
Paduka            :”Mangga-mangga.”
Residorna        :”Diantos margi urang permios.”
Aswatama        :”Permios.”
Senopati          :”geuning ieu the di ayakeun riungan panitia kangge saembara?
Paduka            :”Entong, lila. Tong make jeung panitia-panitia sok tugaskeun we kaamanan ayeuna mah.”
Senopati          :”Timbalan.”
Paduka            :”Sakitu menta supaya ngadahar heula endog hayam jeung sprit, balur ku cimane eta leungeun aing percaya kana kasaktian.”
Senopati          :”Mangga paduka di estokeun.”
Paduka            :”Tenang, sok bentuk weh saurang panitia mah lah.”
Senopati          :”mangga.”
Paduka            :”euh ngahaja hiburan mah hese aing, hahaha heueuh aing the geus heubeul hayang nempo nu pasea hayang nempo nu gelut jih daulat kaula yakin patih bakal sakti mandra guna. Sing percanten hehe. Nyi anu geulis anak ama ieu ama”
Senopati          :”Ai ka salira mah percaya da puguh salira teh bebenteng nagara anu sasagna dipiagul ku sang nalendra.”
Paduka            :” Nya.”
Senopati          :”Geuning urangna wae sing ati-ati ulah sombong sabab di dunya ieu teh bisi da puguh jelema mah heueuh aya lemahna, aya leuwihna sokna ku apes. Heug wae lah dina sasih ieu mah, ninggang di jaya salira mah, sing percanten kana etang-etangan abdi .”
Paduka            :”Nyokot tina itungan naon?”
Senopati          :” tin aboge di bantun tina manis pahing di bantun.”
Paduka            :”Nya, jaid ayeuna teh para kurawa keur ngumpulkeun anu rek asup kana sayembara, sabab ai calon panganten lalakina mah teu di bawa ieuteh, diwakilkeun.
Senopati          :”Di wakilkeun?”
Paduka            :” Enya ai para kurawa mah, lah ngan gede sungutna wae.”
Senopati          :”Naha ieu teh moal ngaganggu kana Anggaran Belanjar Nagara ? waragadna da ieu teh tangtosna ieu teh kaitungna teh bakal aya waragad.”
Paduka            :”Tenang, tenang waragadna mah ieu teh panglamar tina  nagara astina ku urang dipake keur waragadna.”
Senopati          :”Tah, atuh kitu sae sugan aya leuwihna kangge ngomean jalan kangge ngarehab, kitu tuan.”
Paduka            :”Nya nya, wayahna maneh panasiaan-panasiaan.”
Senopati          :”Oh, sok mangga mangga.”
Paduka            :” Diajar!”
Senopati          :”Ah, naha teu kedah diajar mah. Mangga teh teuing da parantos biasa. Marukana aya anu sok nyambut tinu hajat-hajatan teh saha? Da abdi, nya ngan teu bisa mukodimah wae.”
Paduka            :”Heueuh atuh, diajar diajar sok.”
Senopati          :” Kang Diding! Wayahna ka sajumlah pasukan para petugas negara, wayahna tempat di alun-alun. Kulon wetan kidul kaler jaga! Saeutik gedena ieu teh dialun-alun loba anu lalr liwat anu ulin jeung sajabana. Tangtuna bakal nyeseg, bakal lalajo ku ayana diumumkeun ieu, yen diayakeun sayembara dina poe ieu. Mangga atuh dihaturkeun ka para pamilon ti nagara astin. Bilih aya kahiji, kadua, katiluna supados ngintunkeun daftaran saha anu bade ngiring sayembara ngawakilan putrana sang nalendra prabu duryodana.
Residorna        :”Sampurasun..”
Senopati          :” Mangga-mangga.”
Residorna        :” Salira ieu teh salagarana.”
Senopati          :”Leres.”
Residorna        :”Nuhun, anu kaleresan pisan dina waktos ayeuna teh parantos aya nu bade majeng kana sayembara ieu ngawakilan putrana raja ti nagara astina.”
Senopati          :”Leres. Teras saha atuh kahijina?”
Residorna        :” ieu catetana dibantun urutan urutana kahiji kadua katiluna, tah ieu mangga baca wae ku sorangan. Aning dina peraturan sayembara teh kumaha wae bilih ieu mah bilih.”
Senopati          :” Nampi nampi nampi. Oh ieu teh anu kahiji nyaeta aswatama, nu kadua citra  asih ta saha?”
Residorna        :”Sanes! Citra yuda, halah kumaha ieu teh pan salira teh panona gede keneh, mani 10 kalieun panon aing.”
Senopati          :”Atuh ieu, eh atuh urutan katilu atuh etamah nu kadua namah ieu teh citraksi.
Residorna        :”Citraksi.”
Senopati          :” geuning mung opatan?”
Residorna        :”Opatan wae heula. Upami eta anu jagona wungkul areleh, emang teh bakalan bade wangsul.”
Senopati          :” Sae sae sae, Mangga mangga.  Mangga atuh antos dipayun.”
Residorna        :” Teu aya peraturanana?”
Senopati          :”Teu aya, aing mah ieu mah rek make senjata sok, bebas rek make kasaktiaan atanapi kamandragunaan mangga.
Residorna        :”Aruh, teu dibawa sanjatana oge yeuh.”
Senopati          :”Eh aning aya peraturan mah, dimana mana melak taktak taya potong leungeun. Lamun  engke ti bah dituna maot, teu meunang aya tuntutan.”
Residorna        :”Oh, ulah aya tuntutan naon-naon.”
Senopati          :”Tapi kudu sacara  sayembara.”
Residorna        :”Ah urang mah teu sieun paeh atuh.”
Senopati          :”Sieun meureun.”
Residorna        :”Enya.”
Senopati          :”Penting mah tereh wae atuh. Da pokona mah kitu wae nepio ka ngelepek teu eling.”
Residorna        :”Kumaha si asawatama mah tong dijadikeun wae sugan, rada teu ngeunah hate malah mah basa peuting aing teh ngimpi ngaheujeun. Ongkoh budak teh keur nyeri huntu. Kumaha mun pindahkeun wae si aswatama mah jadi kanu 3 wae.”
Senopati          :”Oh, nya kitu mangga atuh teu nanaha. Disumanggakeun ka saderek citraksoma anu bade ngiirng sayembara ieu disumanggakeun ka payun.
hehehe, saha ieu kakasih teh?”
Citraksoma      :” Baca wae di dinya.”
Senopati          :”Citraksoma ai di dieu mah, nya atuh mang soma. Mang soma salah sawios ti astina, rayina prabu daryodona.”
Citraksoma      :” Heueuh ulah lalawora, abdi teh raja kieu-kieu oge.”
Senopati          :”Muhun, bade ngawakilan putra?”
Citraksoma      :”Pun anak nyeta mandra komara, pun lanceuk.”
Senopati          :”Putra lara, tega lara? Patih? Kiat?
Mangga kapayun.”
Patih                :”Wah, mola nepi ka tilu menit anu kieu mah ningali nangtungna oge watir abdi mah neunggeulna. Jalma bongkok meong kieu mah iraha rek meunangna.”
Citraksoma      :” Naon sia teh ngahina teuing make jeung bongkok meong sagala. Nya di bandingkeun jeung nu ditukangeun mah heueuh nya jiga papatong kitu.”
Senopati          :”Goblog teh, jauh-jauh aing disebut papatong.”
Citraksoma      :”Papatong jawa geura. Yakin sampean bakal dibikeun lamun eleh eta patih?”
Patih                :”Nya mangga teh teuing, kaula mah ka putri sang raja wae meureun ge.”
Citraksoma      :”Siap, mangga atuh geura bae ieu teh sorangan heula anu majuna.”
Patih                :”Lah karep teuing, moal dipikiran. Nu penting raja kaula selemawe.”
Citraksoma      :”Nyaan teuas nyah, hade pisan ieu awakna heueuh.”
Residorna        :”Euh da eta tuda mani keukeuh hayang pangheulana teu nalipak maneh! titah aswatama anu tiheula.”
Senopati          :”Naon? Kapan aswatama dipandeurikeun.”
Residorna        :”Heueuh, ssstt . Kumaha?”
Citraksoma      :”Euleuh euleuh jeung maneh sakalian gelutna, geuleuh aing mah manehna nepi ka nyurung-nyurung maksa-maksa ka aing, rek mehan aing maneh? Awas sia ku aing peuting engke di ala.”
Senopati          :”Sok ayeuna bagian anu kadua. Rek ku saha? Rek ku salira?”
Residorna        :”Ah, da teu bisa gelut aing mah.”
Senopati          :”Da kitu kurawa mah gede sungutna teh, hoakna mah tarik. Mangga dihaturkeun ka undian nu kadua nyaeta citraksi. Mangga dihaturkeun .
Citraksi            :”Ai aing di surung-surung titah kadieu rek naon nyah? Aing hudang hees demi Alloh aing mah. Waraw jangkung gede euy, patih nagara  ieu teh?”
Patih                :”Heueuh.”
Citraksi            :”Aruh, sori euy geus hees ieuteh.”
Patih                :”Ari ayeuna rek ngawakilan putra raja astina?”
Citraksi            :”Sumuhun rek ngawakilan, sim kuring teh dongkap kadieu teh bade ngalamar. Kinten kinten ditampi pun anak anu namina mandra komara. Kasep sing demi Alloh aing mah, sok geura wae. Beda jeung uing mah, da uing mah bedegong. Tah kitu kinten-kinten.”
Patih                :”Lain ngalamar ieu mah, bisa putri di bikeun eleh gelut jeung kaula.”
Citraksi            :”Saha anu nitah gelut teh, saha?”
Patih                :”Heueuh pan mandorna.”
Citraksi            :”Goblog, mun urang mah anakna. Ngajujurung batur ongkoh. Ah, kuring mah da teu hayang gelut demi Alloh aing mah leuleus. Lah, titah kusaha gelut, ieu ngalamar moal ditarima?”
Patih                :”Heueuh, kudu gelut heula.”
Citraksi            :”Ah atuh cilaka. Sori euy poe ieumah aing leuleus teuing, lamun isuk mah.”
Residorna        :”Lain eta teu sageprak-geprak acan. Teu sa geprak-geprak acan jug ngaleos wae. Ku polototna oge waka nepi ka kitu? Kumaha ieu mani teu sageprak-geprak acan?”
Citraksi            :”Sia ! jeung sia goblog gelutna kaditu.”
Residorna        :”Naon etah?”
Citraksi            :”Aing di tulis tonggong titah gelut, tanya heula aingna daek henteu!”
Residorna        :” jeh, ai sugan teh wani.”
Citraksi            :” Lah, jor di daptarkeun nu teu pugah puguh teuing, ai sia naha? Geuleuh aing mah.”
Senopati          :” Rupina undian anu katilu, nu sararumping teh menta di coret. Mangga langsung wae ka aswatama.”
Residorna        :”Waduh, aswatama? Mangga mangga sok kadieu dipereketkeun dipereketkeun.”
Senopati          :”Tah ieu mah rada seseg katempo nateh. Aswatama nya?”
Aswatama        :”Aswatama.”
Senopati          :”Tiasa bakal ngagondol sang putri, tangtu deui yakin tiasa ngelehkeun heula jago sayembara anu kakasih patih purbadenta anu dina waktu ayeuna parantos katingali kasaktianana. Mangga di haturanan linggih jagoan. Lain ai euweuh rencana titadi namah mani tiiseun sayembara teh nya? Lain nu lalajona ge euweuh.”
Patih                :”Heueuh atuh da kudu diumumkeun deui di bewarakeun da ieu mah dadakan.”
Senopati          :”Mangga wilujeung wilujeung Aswatama, tiasa ngelehkeun tiasa nyandak putri ti nagara.”
Patih                :”Ulah awaka gede hulu sampean !”
Aswatama        :”Hahaha, gede hulu naona. Ayeuna keneh ladenan mangga.”
Senopati          :”Mangga dihaturkeun ka saderek  Dorna, ramana Aswatama. Candak ieu pun anak.”
Residorna        :”Aduh !”
Patih                :”Kumaha tah tuang putra anu diandelkeun teh.”
Residorna        :”Da nyeri beuteung ieu budak teh. Sapoe ieu 7 kali kaparilinganana. Ngan kana perjuanganana. Aswatama Aswatama!”
Aswatama        :”heueuh.”
Residorna        :”Cek ama oge ulah sok hayang lempang, lamun sakirana gering mah. Ngomong wae titadi.”
Aswatama        :”Aruh aruh kuduna mah ulah dilayanan ieuh.”
Residorna        :”Heueuh, balik balik !”
Patih                :”Sihoreng geuningan.”
Senopati          :”Heueuh, da urang ditu mah wanina ge lamun loba batur. Ari sorangan sorangan mah moal wanieun. Nya geuning wani maksakeun maneh.”
Patih                :”Bungan aing mah bungah.”
Senopati          :”Heueuh, sia sia. Sebakeun ka unggal daerah diayakeun sayembara, saha anu bias ngelehkeun patih nagara hadiahna putri. Tapi anu miluana kudu beunghar, nu sangsara mah entong, matak era. Golongan raja wae, da kitu geuning kahayang nalendra. Tangtuna aing the kudu nyiapkeun tempatna kitu.”
                                    Tunda lampah eta, arjuna panengah pandawa deudeuheus ka dorna bade angkat kaluar nagara, ku kituna arjuna ngabujengan residorna di satengahing marga. Arjuna panengah pandawa kaayaan nuju baluweng nampi pancen ti nalendra prabu yudistira raja amarta oge sadayana anu aya diamarta pada bungbeng ka kaler ka kidul, ka kaler oge tataros wireh di nagara amarta kaleungitan jamus layang kalimusada lambang kaagungan nagara nu leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Duka kusaha sareng dimana ayeuna arjuna, nuju ngahuleng ngaragameneng di disatengahing  marga. Residorna anu ngahaja bade ditepangan teh mulih ti nagara purbakancana.  Eh geuningan kanjeng rama,anom.
Residorna        :”Aduh arjuna, terus maju, balik-balik gotongan emas nu sawareh  jualan keur dahar, bocorkeun beak dijalan aya nu ngabegal, keun wae kumaha emang tanggungjawabna mah, bebeja ka dunungana mah aya rampog.”
Arjuna             :” Kanjeung rama, ngahaturkeun sembah pangabaktos ama.”
Resdiorna        :”naha rek kamana?
Arjuna             :”Anu mawi putra teh dongkap ka jajar seka lima naning nyakitu nuju suhung disekalima teh, saurna ama nuju angkat ka nagara purbakancana.”
Residorna        :” Bener-bener karek balik ieuteh. Aduh mun titatadi ieu budak aya, moal teu eleh ku jalam ieu, jago ieu mah. nya ngahaja ka jajar sekalima?”
Arjuna             :”Ngabantun oleh-oleh mah di ditu dikantunkeun.”
Resdiorna        :”Kumaha geus usum buncis? Kitu pang bejakeun ka haji rano  menta buruh.”
Arjuna             :”timbalan.”
Residorna        :”Dihijikeun di pasarna teh jeung cangkangna aqua.
Arjuna             :”Raos ama.  Numawi putra arjuna the nampi pancen jalaran kaayaan baluweng sadayana, margi di nagara amarta, kaicalan pusaka lambang kaagungan nagara.”
Residorna        :”Hah, dedengean teh lambang nagara?”
Arjuna                         :”Leres.”
Residorna        :”Lajeng jaman kalimusada teh .”
Arjuna             :”Numawi dongkap teh kaula teh seja nuhunkeun pitulung. Manawi dinagara amarta sajumlah sesepuh teu milu sadayana.”
Residorna        :”Bararohong, urang nagara amarta mah.”
Arjuna             :”Pandita teu mempan, jalma sakitu teu matih. Anu pinuh elmu ge teu metu paranormal lalaos, pitulung teu aya elmu anu tiasa ngawartoskeun kamana milarian eta pusaka.”
Residorna        :”haha, atuh bungbeng di ditu teh ayeuna.”
Arjuna             :”Muhun manawi teu aya nu nulungan bangabalangan margi dangiang .”
Residorna        :”Da euweuh deui nu boga gelar Dangiang iwal ti uwa, moal aya moal aya moal aya dangiang dorna disebutna ge. Ai dangiang teh naon eung?”
Arjuna             :”Kalawat teh naon? Kinten kintena eta pusaka purbakancana teh nalamar.”
Residorna        :”Sabaraha, srikandi teh eleh. Sakareretan ngaliwat eta budak, hade tangtung hade rupa, ka arjuna teh euweuh awewe anu nampi ka arjuna.
Arjuna teh pamajikan loba angger wae daraek diheureuyan ku arjuna mah”
Arjuna             :”manawi aya bangabalangan kedah milarian pusaka kamana?”
Residorna        :”Sapanjang dinagara amarta, aya anu jadi tumbila musuh dina selimut, mangandeh disebutna teh moal weleh kitu, pan lain sakali dua kali make jeung leungit panacaroba da bangsatna dikukut bae. moal ampleh ampleh ampleh sampe ka tungtung langit, nepi kan elak-elakan naga ge moal.”
Arjuna             :”Aduh, naha ieu teh leungit? Ragrag atawa aya nu maling?”
Residorna        :”Aya nu maling.”
Arjuna             :”Kinten saha anu malingna.”
Residorna        :”Bangsat anu malingna mah, ama teh kungsi baheula meuli gamelan wayangna kumplit mimitina puak paok gugumengan marukana gondewa disumput-sumputkeun.”
Arjuna             :”Timbalan.”
Residorna        :”Saha cing nu sok kitu?”
Arjuna             :”Saha?
Residorna        :”Nu sok deukeut jeung arjuna teh kulawarga tumaripis , bangsat wungkul. Si cepot maman tara pok puak paok, tah nu hiji si dewala.”
Arjuna             :”Kulawarga si semar.”
Residorna        :”Euh, tapi ulah cek ama, bisa pajarkeun ngahiaskeun daun ceuli, keur mah geus euweuh, tah kapanggih pusaka salah ceulina.”
Arjuna             :”Kurang ajar naha dipake naon?”
Residorna        :”Ah, hayang bae maju, sabab naon? Pandawa maju teh pedah nyekel kalimusada, si dawala teh tibaheula boga cita-cita hayang payu dagang pasti ku si eta.”
Arjuna             :”Upami kitu carana ku kaula diwarah, malah di tugel janggalna lamun teu nyerahkeun eta pusaka.”
Residorna        :”Geura pek olo, siksa si dewala mah mun can di siksa keluarga semar mah tara ngaku, jeung barinage moal dosa, lamun maehan si semar jeung anak anakna moal doraka, sabab naon? Da lain jelma.”
Arjuna             :”Aduh sadaya ama?
Residorna        :”Entong diantep-antep paehan.”
Arjuna             :”Ayeuna keneh kaula bade mios ka tumaritis dipaehan anak-anak si semar.
Residorna        :”Pek.”
Arjuna             :”ama nanaonan ari ama. Kumaha lamun kulawarga  tumaritis pararaeh.”
Residorna        :”Padoli teuing, hir teu walahir, dulur ge lain.”
Arjuna             :”Neja ngan dosa bae.”
Residorna        :”Naha make dosa? Keun wae antep.”
Arjuna             :”Era di paehan ku arjuna.”
Residorna        :”Keun wae da ku dunungannana naon rugina keur urang.”
                        Kaya agung babarwetes samerempel tempel sohor mekaning, andalan si pandan arum. Si pandan arum.  pungkas lampah ieu arjuna anu parantos lebet pangaruh dorna, parantos ngaraksuk kana kolbuna, jalaran anu dipikaguru pisan yen dorna maklum anu parantos takdim ka guruna, sagala rupa dipercaya. Ngagidig lumampah ka tumaripis napsu ngagudug. amarah teu kawadahan kacarios kampong tumaripis teh sabenerna gorowong.
Semar              :”Panen uwa teh cu, si goring tomat, si cepot wortel, ku di sebut oon. ngarana hirup teh aktipitas kudu aktip.  loba pangabutuh, ari hirup mah kumaha bae carana pikeun majengkeun hirup, sagwe-gawe jang.
Hahaha cu! paingan cek hariring lain anu kaula, abong kena horeng lain anu kitu. Haleuang teh anu wenang sabab hariring. Cek hariring ulah waka suka seuri mun can panggih jati diri.
cek haleuang ku anu dina waktu sesal hariwang anu hirup teh teu boga nanaon deui ukur sasamparan awak sasampayan. demi kasalametan dunya aheratna numawi kanu kasaean oge horeng malangpang. Kosong molongpong, bersih hoream boh tekad ucap jeung lampah kudu luyu jeung parentah rosul. Kudu saenya, ulah melengkung bekas nyalahan kudu diajar da diluhureun langit, aya langit jadi kudu diajar. loba tatanya hirup teh kudu molopoh gedang, tong gengsi nanyakeun ka budak ari teu ngahormat ulah ubu dunya teuing, ulah balan teuing, kudu dunya aherat kudu saimbang. Ulah mentangkeun kangewa tapi kudu mentangkeun ka asih ka sasama, kudu welas asih pangeran. mudah-mudahan ieu pangesi nagara teh saur sepuh kapungkur mah budak angon, basa ngangon dirina, ngangon napsuna, kudu silih asah silih asuh, silih asih, sing inget kana kawajiban ulah dahar keur lapar, sabab sok kedewek tara maca bismillah teu sabango. Ulah sare keur tunduh, lamun sare keur tunduh sok poho ngadoa heula, poho ngoncian panto.
Semar              :” Tong diheureuyan bisi ngaleod kadieu .”
Cepot               :”Tong diteruskeun sabab moal pibalegeun. Nya ari rek eureun ulah dikendangan, rarasaan teh boloho keneh sakitu hirup geus karumisan hirup yen hirup geus karolot. Wayah kumaha solatna ai jama kitu? Lain dewek oge yakin kana diri silaing teh daek ku kituna keur calalageur da keur aya panyawat mah moal kitu. Lamun hirup di dunya loba teuing seuri, diahirna bakalan bararaeud sing yakin. Da pipikiran sia mah anu diakherat teh geus paeh. Uruskeun wae heula di dunya ulah waka kanu jauh, nu deukeut wae heula. Kapan dina rukun iman oge diajarkeun percaya kana poe wawaler, ai wawaler salira teh nyaeta diakhir pagawean. Angtal maut, qoblal mautu, artina kudu disederhanakeun, kudu nganjang ka poe pageto. Jadi, lamun rek ngomong teh kudu disaruakeun heula nu na letah jeung anu dina pikiran. Ceuk urang sunda barangna mah sarua jeung basa, maksudna mah sarua sing asak-asak nya ngejo bising tutung tambagana, eta teh realisasi tina angtal maut, qoblal mauttu. Samemeh pek ngomong teh kudu dibolak balik dipikir da cek pangeran ge kudu percaya ka poe ahir. Sabab ahir tina pagawean jalma ulah ngaleuleuwihan mun nanaon nanaon teh, da Alloh mah moal nyiksa ngan nyadiakeun tempat panyiksa, nu kagungan siksaan. Ngan, eta dina tungtung basa aya kecap “teuing” eta teh hartina ngaleuleuwihkeun. Alloh teu resep ka jalma anu sok ngaleuleuwihkeun. Nyalametkeun agama mah, sabab melang diahirna. Kembang beureum buah buleud pipaseaeun, mending jempe daripada cekcok pipaseaeun, ari kana papatah wae tereh ngarti maneh mah, ari ngagugu wae tara noyod. Ngan rek nanyakeun, moal nyarekan ka jalma nu sok noyod, hese ngalieuk-lieuk acan dipapatahan  ku batur teh, heuras beuheung hese ngalieuk teh bagong. Beda paham saeutak saeutik cekcok jadi ribut, nanyakeun ari anu sok silih segag teh naon? Anu sok silih segag teh nyaeta anjing. Nagara urang teh 350 tahun dijajah ku walanda. Politik liberal teh nyaeta politik adu domba, mun ayeuna mah loba jalma sabangsa sanagara anu bisa diadukeun, ari hirup beunang diadukeun teh sarua jeung Domba. Lamun hirup beunang diadukeun  jeung batur sarua wae jeung domba.Lagu Wangsit Seliwang ceunah mah teu maju, ngan urang teh kudu bisa ngahargaan karya batur. Ari ngahargaan ka kolot mah kudu da moal aya urang lamun euweuh kolot teh, ngan ningali ti alam teh da lain  alam anu robah da nu ngajamanannana anu robah. Urang kudu beradaptasi jeung apresiasi kana jaman lintang ka waktuna. Kolaborasi jeung alam canggih, jaman geus maju sok dituturkeun kumaha carana? Pan wayang oge geus aya tina abad ka 13. Nuhunkeun doa restuna yeuh pa yeuh, bade ngayakeun super solmed. Ulah digenggeureuhkeun ari anak aya dina kamajuan teh, era sok rajeun kaluar tina tetendon  eta mah keur proses. Proses jalma mah beda-beda, ulah ambek kana pamadegan batur bising eta pamadegan teh keur proses keneh. Ngan abdi teh aya tanyakeuneun ka bapa teh, sok sing matak jadi unek-unek da abdi teh lieur rek nanya ka saha, ceuk nu hiji kieu cek ieu kieu, teuing abdi rek percaya kasaha da mani loba pisan anu ngomong teh.  Ngan uing mah aya tanyakeuneun ka bapa sakeudik, sabab abdi maca katerangan anu dijadikeun mimiti ku Alloh teh anu disebut nabi adam.
Semar              :”Bisa bae ku dewek dijawab, henteu nya hampura jeung inget sanajan dewek disebut geus kolot oge ai kamampuan jalma mah teu sarua, jadi nu rek ditanyaekeun teh naon?”
Cepot :”Bab nabi adam, yakih bapa oge ngaku yen anu diciptakeun mimiti teh  Nabi Adam as. Tah abdi rada cangcaya, dunya masih keneh goyang, daratan masih keneh budahan, batu masih keneh benye. Ari bapa naha geuning geus aya, ari bapa nabi adam lain? Pan ai bapa mah aya kagungan ibu kangungan rama, ai nabi adam mah pan henteu. Sok cing jawab-jawab.”
Semar              :” Hahahaha, alus jang alus pertanyaan silaing teh. Sakirana teu nyaho jeung bingung teu nyaho mana kolbu mah pek tatanya, ulah era nanyakeun  teh. Cing kapan bapa mah seke seker ‘aya’, tuang rama ‘sanghiang  wenang’ , tuang eyang ‘sanghiang tunggal’. Heueuh kapan dewek oge turunan ti dinya, ngan dewek mah cicing soteh dina gunung simbul aya dina sagara siloka ngancik dina pasir silib, ku jalma sok dimitoskeun aya tempat semar, nya salah aya gambar semar dibere wesi kuning.  Nya palsapah nya salah persepsi, hartina dewek wujud hideung beungeut bodas tapi beungeut bodas teh gambaran hate, eta oge nyaeta gambaran bumi . Bumina lain semarna, ari Nabi Adam mah pan diciptakeuna tina taneuh, ari Nabi adam jeung taneuh heulaan saha? Pan heulaan taneuh. Da lamun jalmana keur ruwet mah kana beungeutna oge sok ruwet teu bener.
Cepot               : “Heueh atuh pan beh dieuna mah pan aya kuburan semar.”
Semar              : “Tah ai gorowong teh naon?”
Cepot               :” Molongpong atuh”
Semar              :”Tah ai semar teh kaluarna atawa ayana ti dinya, da ieumah cermin.”
Cepot               :” Halah, lieur deui ieumah.”
Semar              :” Kumaha karep silaing wae atuh, silaing teh mikir da elmu teh loba aya biologi, antropologi, Numelogi jeung sajabana. Laut anu sakitu legana oge dipake nulis jadi tintana oge teu moal mahi, lamun euweuh keur conto-contona acan berarti Alloh oge euweuh, keur naon disembah atuh mun euweuh mah.
Cepat               :” Aruh, jadi tambah lieur atuh.”
Semar   :” Matak ai nyembah teh kanu euweuh.”
Cepat               :”Ah tambah lieur atuh aing mah, tah kitun ai aki-aki teh. Ulah disebutkeun atuh lamun agam a teh euweuh, peka agama mah semar.”
Semar              :” Da bener atuh, euweuh Alloh mah lamun aya mah atuh ngarana makhluk. Jadi Alloh teh euweuh.”
Cepot               :” Euweuh naona atuh?”
Semar   :” Euweuh babandingannana.”
Cepot               :” Tah kitu atuh aki-aki mun tatadi atuh siamah pan aing teh ngarti lamun  kitu mah.
Semar              :” Salah saha sorangana teu nanya kalah langsung nyoroscos, lamun  manehna teu nanya euweuh naona kituh, mun nanya mah pan ku dewek ge pasti dijawab kitu”
Cepot               :” Heueuh nyah, Bapa hampura aing heueuh da aing teh ngarana oge keur proses mah kitu sok loba ambeuk. “
Semar              :” Terus lamun dihampura maneh rek naha? Engkena rek bener deui, da engke teh pasti kitu deui pan keur proses ceunah.”
Cepot               : Oh heueuh nyah, kumaha atuh mun kitu?”
Semar              :”Heueuh sok ayeuna mah tong ka dewek menta hampurana, ka Alloh wae menta hampurana. Tah lamun sia menta duit ka dewek keur naon duitna?”
Cepot               :” Nya jelas atuh etamah keur jajan.”
Semar              :” Tah ayeuna lamun sia menta hampura ka Alloh, lamun geus di hampura sia rek naha?”
Cepot               :” Heueuh nyah, lieur oge rek naha lamun geus dihampura. Tapi yeuh kieu contona abdi teh menta hampura ka bapa da tuda lamun encan dihampura mah pan uring teh moal tenang. Jadi abdi menta hampura ka Alloh teh nya pangpangna mah meh tenang.”
Semar              :” Sok tanyakeun ka kiyai ai dunya teh Alam tenang ta Alam fana?”
Cepot               :” Nya nurutkeun kaayaan wae atuh alam fana.”
Semar              :” Jelma nepi ka rancong-rancong hayang hirup di dunya teh tenang. Maneh hayang senang?”
Cepot               :” Hayang.”
Semar              :” Balik ka ahirat.”
Cepot               :” Wah ieu kolot teh ngajak paeh, tah eta teh aya dina surat wad-dhuha.
Semar              :” Wah etamah teu bisa ngarealisasikeunana.”
Cepot               :” Kumaha abdi hoyong ziarah ka makamna semar?”
Semar              :” Lamun sia hayang ka makam semar, inditna kudu bari cicing !”
Cepot               :”Tah kolot teh geus ngalilieur deui wae.”
Semar              :”Enya mampak tapi ulah ngalengkah.”
Cepot               :” Lieur atuh ai ck dewek mah, pek jelaskeun atuh da teu ngarti.”
Semar              :” Sanajan indit kamana-mana, tapi hate mah cicing panteng.”
Cepot               :” Kapan ceunah mah lamun rek ka makam semar teh pan kudu mawa seuseubeuheun.”
Semar              :” Tah eta anu matak jadi mitos teh. Ceunah mah urang kudu mawa naon hasil pagawean urang anu matak seubeuh. Tapi semar moal narima lamun eta ladang tinda korupsi, ladang judi, jeung sajabana wae anu kararitu.”
Cepot               :” Heueuh semar ieu?”
Semar              :”Semar mana wae.”
Cepot               :” Berarti semar teh geus aya dina diri sewang-sewang?”
Semar              :”Heueuh pan aya dina hate nu gorowong, kari bere susuguhna.”
Cepot               :” Nuhun pa! Rada aya herang herang atuh ayeuna mah.”
Dawala            :”Wah rame pisan. Ieu keur naraha?”
Cepot               : “Ieu keur nanyakeun ai bapa jeung nabi adam heulaan saha, ceuk akang heulaan saha? Jadi teu percaya lamun Alloh teh euweuh.”
Dawala            :” Jeh atuh ulah kitu, tapi lamun anu aya mah anu bisa karaba, katempo, karasa. Telat atuh kuring teh teu kabejaan.”
Arjuna             :” Ulah kaget badranaya.”
Semar              :”Sembah haturan rawuh .”
Cepot               :”Sembah haturan rawuh agan.”
Dawala            :” Sembah haturan rawuh anom.”
Arjuna             :”Badranaya
Semar              :”Kulan..”
Arjuna             : “Ngeunah sia hirup di dieu dikiriman ongkoh ti puser dayeuh teu sangka miyuni ucing kalakuan teh .”
Semar              :” Saha gan?”
Cepot               :” Ka bapa, ka abdi?”
Arjuna             :”Kabeh, ti bapa nepi ka anak.”
Cepot               :”Ti baheula oge titah  mingkal urang teh teu ngeunah disebut miyuni kembang.”
Arjuna             :”Kalakuan nepi ka euweuh nanyakeun nanyakeun acan ka puser dayeuh dina kaayaan di puser dayeuh balalueung sarerea.”
Semar              :”Naha atuh aya kajadian naon?”
Arjuna             :”Entong api api sia, kurang ngajar. Kaagungan nagara teh malah sok dirayakeun sataun sakali, kari kari eta paok. Eta teh lambang kaayaan nagara. Sihoreng siateh ngan ukur jadi tumbal.”
Semar              :”Euleuh euleuh.”
Arjuna :”Mon tong loba carita, ayeuna keneh ku aing dipordaran. “
Dawala            :” Iraha teu ayana eta pusaka? Da semar mah sa sasih ge teu kamana mana.”
Arjuna             :”Teu kamana-mana naon? Da semar mah bisa nyumput dina nu caang. Semar nu malingna jeung sa anak-anak. Di kamanakeun sia cepot?”
Cepot               :”Abdina ge ngiring tanggung jawab upami lambang nagar mah mangga urang pilarian sareng jisim abdi sanaos nepi ka elak-elakan naga ge.”
Arjuna             :”pan maneh bangsatna lamun maneh milu dina harti, sarua jeung neangan seuneu dina obor. Ngaku nuhun teu ngaku dipaehan ku aing.”
Semar              :”Ningkah jang.”
Cepot               :”Ari bapa.”
Semar              :”Keun bae, dewek mah bisa nyalametkeun sorangan.”
Cepot               :”Embung bapa wae heula indit! Kumaha lamun bapa dipaehan pas kuring indit? Abdi mah hoyong milu paeh.”
Semar              :”Jisim abdi teh teu rumaos.”
Arjuna             :”Bener semar?”
Semar              :”Leres.”
            Arjuna kalah nafsu ngaburu-buru. Arjuna nafsu kagila-gila teuing dinasti kersahiang widi, lumpta ka kidul disusul ka wetan diudag ka kaler. Memang da puguh geus jauh diudag moal beunang. Arjuna ngabentangkeun keris pusaka gondewa anu bakal mutuskeun jiwa raga dewala rek dipetik patina diala nyawana.
Cepot               :”Buru-buru sia yeuh.”
Dawala            :”Kela ieu ti kolosod.”
                        Takbir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar. Papasten anu tumiba, dewala brang ngareret ka tukang, sareng pisan ieu panah datang. Atuh ieu tikoro dewala ka panggang, waragadna dewala ka candak angin kaluhur kacandak ku tanaga panah lir angin.
Cepot               :”Geutih naon ieu ngareclak? Lah itu si dewala diluhur.
                La Dewala?”
            Ngadadak aya cahaya nyamber kana tubuh dewala, dibawa langsung kahiji tempat. Dewala anu parantos ngajohjor tikorona aya nu nyandak ti awang-awang. Dewala anjeun jalma anu teu gede dosa.  Dewala ditiup “Hirup dewala maneh!”.
Dawala            :”Dimana ieu teh? Saha anjeun?”
Sanghiang tunggal :”Di hiji tempat.”
Dawala            :”Aherat ieu teh?”
Sanghiang tunggal :”Aherat. Maneh geus beda alam.”
Dawala            :” Alam aherat?”
Sanghiang tunggal :”Aya sababaraha alam, aya alam aherat, alam barjah, alam malakit. Seueur geuning alam teh.”
Dawala            :”Saha pangjenengan teh?”
Sanghiang tunggal :”Ngaran kaula sanghiang tunggal.”
Dawala            :”Tunggal mah ngan hiji. Saha sanghiang tunggal teh?”
Sanghiang tunggal :” Bapana semar.”
Dawala            :” Semar boga bapa?”
Sanghiang tunggal :”Kaula sanghiang tunggal teh bapana semar.”
Dawala            :”Berarti kuring teh incuna anjeun?”
Sanghiang tunggal :”Na ari akina kasep ari incuna goreng patut? Na maneh hayang disalin?”
Dawala            :”Kantenan.”
Sanghiang tunggal :”Bener? tutup panon maneh !”
Dawala            :”Ayeuna?”
Sanghiang tunggal :”heueuh, ngan omat ulah tuluy hees.”
            Sanghiang tunggal wantos saciduh metu saucap nyata salama aya dina kamanunggalan, ku dawala leungit diri ilang warna jadi satria kasep ngalempereng koneng nurcahya sesekar ningrat.
Sanghiang tunggal :”Dawala.”
Dawala            :”Abdi yeuh.”
Sanghiang tunggal :”cabak awak maneh.”
Dawala             :”Aduh eyang beurat nyuhun beurat nanggung. Kasep abdi yeuh moal disebut uu abdi teh. Kasep nya? ”
Sanghiang tunggal :”Alusna teh usaha jelema mah.”
Dawala                        :”Enya.”
Sanghiang tunggal :”Dawala”
Dawala                        :”Abdi?”
Sanghiang tunggal :”Dat sipat asma apal?”
Dawala                        :”Dat?”
Sanghiang tunggal :”Wujud.”
Dawala                        :”Sifat.”
Sanghiang tunggal :”Rupa.”
Dawala                        :”Asma.”
Sanghiang tunggal :”ngaran. wujud geus robah sipat ngan asma maneh kudu dirobah !”
Dawala                        :”Sawios asma mah gentos bae jadi mengi.”
Sanghiang tunggal :”Asma teh ngaran.”
Dawala                        :”Oh, sumuhun. Atuh entos wae dewala suntana atanapi afdal dewala abu bakar.”
Sanghiang tunggal :”Etamah bupati bandung barat.”
Dawala              :” Atuh sumuhun, kinten-kintena saha atuh nya? Raden putra bambang dewala andik jaya kusuma”
Sanghiang tunggal :”Tong eta.”
Dawala              :”Atanapi dewala eko patrio.”
Sanghiang tunggal :”Ulah.”
Dewala              :”Saha atuh?”
Sanghiang tunggal :”Pingaraneun maneh teh Bambang Surya Ningrat.”
Dawala              :”Surya Ningrat?”
Sanghiang tunggal :”heueum.”
Dawala                        :”Aduh.”
Sanghiang tunggal :”Surya hartina caang.”
Dawala              :’jang lalara nyaho geuning aing teh teuereuh gegeden. Teu sangka baheula mah lebe ningkat jadi lurah, sugan engke jadi camat.”
Sanghiang tunggal :”Genah mun make eta ngaran?”
Dawala              :”Lah cekap, cocok.”
Sanghiang tunggal :”Tah kitu.”
Bambang Surya :”Nanging kumha ieu abdi, naon pagawean abdi anu bakal ngahasilkeun jeung nyalametkeun  balarea, mbung ai keur nyalametkeun sorangan bae mah. Ieu mah hayang teh keur nyalametkeun balarea. Kalayan nagara jeung bangsa kaula”
Sanghiang tunggal :”Alus. Wayahna maneh teh ka ngawarah ka arjuna supaya aya pangwarah ka arjuna, tapi dina ngawarahna ulah dibarengan ku dendam hate. ieu mah supaya eling bae. Jadi doa teh buktina dina hate maneh. Nyaeta pangasah, lamun tina dendam engkena yakin bakala murang maring jadi tindakan anu anarkis. Engke bakal kanyahoan ku batur, bakal kaciri lemahna jiwa. ”
Bambang Surya :”Heug da kedah propesional atuh.”
Sanghiang tunggal :”Tah eta.”
Bambang Surya :”Sumuhun sae.”
Sanghiang tunggal :”Samemeh maneh indit, wayahna maneh kudu boga heula pamajikan.”
Bambang Surya :’Ah moal ge aya nu daekeun ka jelma kieu.”
Sanghiang tunggal :”Bogoh moal nempo hartana, engke ge bakal bogoheun ku nempo rupa maneh eta awewe.”
Bambang Surya :”Urang mana? urang pasir langu.”
Sanghiang tunggal :”Lain.”
Bambang Surya :”Cimareme?”
Sanghiang tunggal :”Lain.”
Bambang Surya :”batujajar?”
Sanghiang tunggal :”Lain.”
Bambang Surya :”gandasoli?”
Sanghiang tunggal :”Lain. Tuh di nagara purba kancana aya hiji putri geulis ka wanti wanti endah kabina-bina. Ayeuna teh bapana eta awewe hayang boga minantu tapi ka jelma anu bisa ngelehkeun patihna. Tah wayahna elehkeun ku maneh. Tah engke maneh bakal meunang idangan atawa hadiah. ”
Bambang Surya :”Hadiah nobel?”
Sanghiang tunggal :”Lain, putri anakna, tah kitu.”
Bambang Surya :’Asik jang, teu nyangka nya?”
Sanghiang tunggal :”Tah ieu bukti ka jalma anu sadar, anu sabar, ka jalma anu teu dendam ka jalma nau sok ngadoakeun ka jalma anu sok ngadoliman urang. Buahna maneh bakal meunang bidadari nyaeta putri geulis ti nagara purbakancana. Jig hayang naon maneh, di dinya mah eta nagara bakal diwariskeun ka maneh.”
Bambang Surya :”Gusti, jadi aing boga mio teh? Ulin ka pasir lamu teh kana mio barangbang berengbeng.”
Sanghiang tunggal :”Kajalan jalana.”
Bambang Surya :”Moal, mapay palintangan bae.kana galeng galeng.”
Sanghiang tunggal :”Nya jig maneh geura indit !”
Bambang Surya :”Sumuhun atuh, da atuh sagala rupi oge kedah sareng elmuna sepuh.”
Sanghiang tunggal :”Naon?”
Bambang Surya :”Kedah sareng elmuna. jeung ai ngaran Bambang Surya Ningrat teh, ari sora kieu. Teu nanaon?”
Sanghiang tunggal :”Nya eta kudu dirobah.”
Bambang Surya :”Kumaha?”
Sanghiang tunggal :”Sok kokotor anu dina tikoro dehemkeun.”
Bambang Surya :”Uhuk uhuk.”
Sanghiang tunggal :”Sok ngomong !”
Bambang Surya :”Kaulanun.”
Sanghiang tunggal :”Sok deui !”
Bambang Surya :”Kaulanun eyang, eunteup dina tangkal kai.”
Sanghiang tunggal :”Tong dikitu-kitu atuh, ngewa.”
Bambang Surya :”Cekap sakieu rupina?”
Sanghiang tunggal :”Cukup.”
Bambang Surya :”Ade-ade kumaha kadanguna ieu sora kaula? cukup?
Hem geuning lob ade-ade, hem sukur bagja kumbayangan panggih sareng ade adean deui.”
Sanghiang tunggal :”Loba teuing ngomong maneh teh.”
Bambang Surya :”Sae sae. Dupi elmu ?”
Sanghiang tunggal :”Tah ieu meureu anu disebut laduni teh anu jarang pisan kena na ka jalma.”
Bambang Surya :”Naon?”
Sanghiang tunggal :”Sagala rupa ge geuning elmuna. Hayu, kapan eyang tadi sanggup jadi pangacara nyaneh. Keun bae mun nyarita meureun eyang nu nyaritana, ngan maneh ulah mawa karep sorangan. Jeung sing bener susuguhna.”
Bambang Surya :”Naon atuh? Endog hayam, duwegan, cikopi, kupat leupeut nantang hujan.”
Sanghiang tunggal :”Kupat leupeut tangtang ngolentrang.?
Teuing aing jadi kalah kabawakeun, tangtang angin maksud teh.”
Bambang Surya :”Leres.”
Sanghiang tunggal :”Jadi eyang rek manunggal jeung wujud hidep. Rek asup ngabaju wiraga sukma kahidep.”
Bambang Surya :”Tah sae mangga.”
Sanghiang tunggal :”Sok mepek bayu maneh ! Ulah ngarenghap dina waktu 3 menit.”
Bambang Surya :’Mangga.”
Sanghiang tunggal :”Polongpong keun  jalan keur eyang, kosongkeun hate bersihkeun hate.”
Bambang Surya :”Mangga.”
                          Lajeung ieu kamanunggalan lebet kana rag bambang sumantri.
Bambang Surya :”Hem kanca, bejana aya sayembara ceunah? Euleuh-euleuh aduh, kabeneran keur neangan nu jadi adi etateh. meureun nyaaheun kanu jadi dulurna.”
Cepot                 :”Ngiring ngalangkung ah.”
Bambang Surya :”Ke sakedap !”
Cepot                 :”heh, rusuh.”
Bambang Surya :”Ke sakedap urang ngobrol heula.”
Cepot                 :”Rusuh lah,teu aya waktu seueur keneh kaperyogian.”
Bambang Surya :”Sakedap wae urang ngobrol.”
Cepot                 :”Rusuh kaburu beurang.”
Bambang Surya :”Ke bisi teu boga ongkos ku kaula diongkosan.”
Cepot                 :”Tah, duka ai kitu mah. hehe teuing dewek teh jadi sulang seling hirup teh, da jelas ieu teh getih si dawala anu nyakclakan teh, eh dimana piragrageunana.”
Bambang Surya :”Milarian naon?
Cepot                 :”Dulur, kulan?
Bambang Surya :”Saha?”
Cepot                 :”Dewala ngarana teh.”
Bambang Surya :”Ngarana?”
Cepot                 :”Dewala.”
Bambang Surya :”pangna diteangan.”
Cepot                 :”Bangsat.”
Bambang Surya :”Dewala teh bangsat?”
Cepot                 :”Bangsat, dipaehan tah kunu boga barang. ceceremed duka dimana ayeuna mah ayana.”
Bambang Surya :”Hem deudeuh.”
Cepot                 :”Dituduh maling dulur abdi teh. Abdi jadi sulang seling kaedanan ku dulur. Lah teu kumaha jeung dulur abdi teh sakapeung ngaca hirup teh ngan rada ka erem, moal kitu aing teh disebut gelo kapeung eling da sulang seling abdi teh.”
Bambang Surya :”Deudeuh.”
Cepot                 :”Dupi salira saha ieu teh?”
Bambang Surya :”Ngaran kaula Bambang Surya Ningrat.”
Cepot                 :”Bambang Surya Ningrat timana den?”
Bambang Surya :”Kaula teh teu puguh panemukan, kieu bae umprang amprung.”
Cepot                 :”Jih, anak jalanan?”
Bambang Surya :”Heueum.”
Cepot                 :”Tapi kasep ieu mah putra menak jigana.”
Bambang Surya :”Tapi kaula teh teu puguh bapana, teu puguh lemburna.”
Cepot                 :”Ke kagungan dangadanan kitu timana?”
Bambang Surya :”Warisan baheula.”
Cepot                 :”Euleuh warisan ti pa lurah aji?”
Bambang Surya :”Enya.”
Cepot                 :”Warisan ti pa lili?”
Bambang Surya :”Enya.”
Cepot                 :”Haduh.”
Bambang Surya :”Jadi pangna dipaehan teh?”
Cepot                 :” Dituding maling ku dunungan ngaran ngaran nasib anu leutik lain eleh teu meunang eleh, lain lumpat teu meunang lumpat, cek paribasana diasuh ti lelembut diakod-akod ti jaman bolon. Ari geus gede nateh berubah polah. Nya ari nu jadi korban mah pun adi teu kaburu lumpat jauh.”
Bambang Surya :” Kumaha lamun pindah ngadunungana.”
Cepot                 :”Kajeun teuing pangmeulikeun motor wae jeung ngojeg daripada kudu pindah ngadunungan.”
Bambang Surya :”Jadi moal ngadunungan ka arjuna?”
Cepot                 :”Moal. ”
Bambang Surya           :”Nyaan ?”
Cepot                 :”Kitu kulan.”
Bambang Surya :”Ngaran maneh teh?”
Cepot                 :”Cepot.”
Bambang Surya :”Ngaran bapana?”
Cepot                 :”Semar.”
Bambang Surya :”Ari adi nu dipaehan?”
Cepot                 :”Dawala. Ari ngeunah abdi teh boga adi paeh teh, warisan ka abdi kabeh.”
Bambang Surya :”Tanah?”
Cepot                 :”Muhun kulan.”
Bambang Surya :”Sabaraha hektar tanah semar teh?”
Cepot                 :”tujuh tumbak satengah, ngan ai anu 3 tumbak mah keur di gadekeun ayeuna teh.”
Bambang Surya :”Hem eta tanah sakitu.”
Cepot                 :”Kitu kulan.”
Bambang Surya :”Sanggup lamun ngadunungan ka kaula?”
Cepot                 :”Mangga asal kudu puguh wae sabulan-sabulana.”
Bambang Surya :”Hayang sabaraha sabulana?”
Cepot                 :”Nya sabulan mah hayang 30 poe wae angger.:”
Bambang Surya :”Lain ieu mah gajih duitna?”
Cepot                 :”Lah aing mah hayang nembongkuen wae heula gawe aden, nya nembongkeu heula gawe, sakira-kira goreng atuh abdi pang nyarekankeun. Ayeuna mah mun ngadudunungan ka sasaha oge bakal getol ayeunamah.”
Bambang Surya :”Heug atuh lamun kitu.”
Cepot                 :”Ngan abdi teh pangmalesekeun wae kulan kana kanyerian dulur abdi.”
Bambang Surya :” Kasaha?”
Cepot                 :”Ka Arjuna. Lain males tina ngewa, digender sangkan manehna teh eling, kapan ku pangeran ge geus dibejaan anu sok haharewosan kana batin urang teh tina golongan manusa jeung jin, minnal jinnati wanas geuning.”
Bambang Surya :”Surat naon eta teh?”
Cepot                 :”Dina surat Annis kitu?”
Bambang Surya :”Annas.”
Cepot                 :”Nya tah eta surat Annas. Uninga agan surat annas?”
Bambang Surya :”Dimana?”
Cepot                 :”Di Subang seueur.”
Bambang Surya :”Danas etamah. Hayu tuturkeun kaula !”
Cepot                 :”Sae.”
Bambang Surya :”Kaula teh rek nanyaan, kaula teh rek kawin ka putri di nagara anu disebut nagara purbakancana.”
Cepot                 :”Mangga ngiringan wae, sareng deui abdi teh pangneangankeun anu ngaran Dawala. Boh bangkena boh hirup keneh.”
Bambang Surya :”Keun dibantuan ku kaula, asal kaula anteur rek kawin heula.”
Cepot                 :”Ngiringan agan, ngiringan. eta teh geulis eta teh gan !”
Bambang Surya :”Pibojoeun teh geulis putri raja.”
Cepot                 :”Sugan abdi ka indungna?”
Bambang Surya :”Kapan indungna mah istri raja, pimitohaeun kaula.”
Cepot                 :”Nya urang paehan heula wae rajana.”
Bambang Surya :”Hayu tuturkeun kaula.”
Cepot                 :”Siap lah.”
Bambang Surya :”Lapar?”
Cepot                 :”Enya, eta sajajalan bae aya walungan urang nguseup heula.”
Bambang Surya :”Hayu hayu.”
                                    Teu kacatur lami dijalan parantos rugi nyaeta karaton nagara, nya da puguh kedah ngalewatan heula sayembara ieu patih nagara sareng senopati anu jadi panitia sayembara, cik kan anu ngaran Bambang Surya Ningrat dihaturanan.
Bambang Surya :”Cepot tingalikeun.”
Cepot                 :”Nya geulis budakna mah euy.”
Patih                  :”Mangga mangga jang, aya nu ngalamar budak ngora euy ngan hayang nyaho gede kawani na euy. Cik tanya.”
Senopati             :”Kasep budak teh euy. Satria ngaran kakasih teh saha?”
Bambang Surya :” Bambang Surya Ningrat.”
Senopati             :”Dimana linggih teh.”
Bambang Surya :”Jalan Cagak.”
Senopati             :”Batur mah ti nagara, ieu mah ti jalan cagak. Nya bakal ridoeun Raja boga minantu ka urang jalan cagak?”
Bambang Surya :”Teu ridoeun mitohana, ari bogoheun awewena?”
Senopati             :”Ari eta nu tukangna?”
Bambang Surya :”Tah ieu teh bapa kaula. Bapa anu sasakna ngurus ti jaman lembut ngakod ngakod ti jalan bolon”
Cepot                 :”Tah ieu ieu teh pun anak kulan.”
Senopati             :”Maenya ari bapana goreng patut.”
Cepot                 :”Abdi mah kapungkur leutikna cacingeun ririwit.”
Senopati             :”Ari Indungna?”
Cepot                 :”Waktos nuju dilahirkeun indungna kabur.”
Senopati             :”Naha ieu mah jalma prihatin, jalma sangsara. Peupeuskeun wae huluna”
Patih                  :” Bener maneh tega lara tega pati?”
Bambang Surya :”Tega.”
Patih                  :”Rido bapana lamun anakna nepi ka paeh?”
Cepot                 :”Paehan wae, aral kanu jadi anak teh.”
Patih                  :”Naha?”
Cepot                 :”Nalutak, sombong, hayang pakean kieu ge meunang hutang injeum, ayeuna ge can kabayar.”
Patih                  :”Ruh enya jalma ripuh. Sok eta nu ditukang ulah di dinya kadieu ka sisi.”
Cepot                 :”Nya enya atuh da bisi kagaley di tengah mah. Di doakeun nyah anak king.”
Bambang Surya :”Mangga kangjeung rama. Buya ieu putra bade begalan pati, muga-muga abe buya tiasa ngadoakeeun.”
Cepot                 :”Sok di doakeun kasep.”
Patih                  :”Cik kan hayang nyaho.”
Paduka               :”Haha, hayang nyaho abe, ari kaspe mah kasep ngan teu sudi aing boga minantu ka jalma balangsak mah. Peupeuskeun huluna euy ! Ieu garing tikoro aing, cai amis teh manis garing tikoro.”
Patih                  :”Surya Ningrat maneh? “
Bambang Surya :”Teu pilo.”
Patih                  :”Geura aku geura sambat indung bapa maneh.”
Bambang Surya :”Ari geus waktuna mah.”
Patih                  :”Hehehe hebat ieu jalma.”
Cepot                 :”Wah hebat budak teh, wah nyaan euy hebat ieu budak teh.”
Senopati             :”Lah moal aya nu leuwih hebat ti patih nagara.”
Cepot                 :”Ngadeukeutan panitia wae, beh teu jauh tina hakaneun.”
Senopati             :”Moal kuat eta budak teh.”
Cepoit                :”Lah leutik atuh eta mah. Tapi anak kuring mah dikeueum dina sumur 3 tahun satengah.”
Senopati             :”Paeh eta?”
Cepot                 :”Paeh anak tatangga, anak kuring mah henteu.”
                          Dina kersa hiang widi tumampan ieu patih nagara dijambak jenggelek jadi togog tejo sumantri. Yeuh nyanggakeun abdi teu sanggup. Kaget ngadera nganingali ningali ya ningali .
Paduka               :”Kurang ajar sia patih aing. Aduh gusti lumpat kamana, aing bakal  nyangkalak eta sinatria.”
Senopati             :”Sawios ku abdi urang siapkeun pasukan.”
Paduka               :”Sia bangsat maneh mah lain rek milun sayembara tapi rek ngaburak barik karajaan aing.”
            Dinasti kersana hiang dumang para, ieu denawa dijamak ku Bambang Surya Ningrat leungit rupa hilang tanpa karana , muncrat jadi cahaya beureum nyaeta sukma amanah sanghiang raksasa.
Paduka               :”Astra jingga .”
Cepot                 :”Ieu di dieu ulah jagaraga. Geuning jadi leuweung?
                          Datang mirotana demang demang elmu pangawaruh.
Bambang Surya :”Saha ieuh?”
Putri                   :”Aduh sadaya daya pangersa, anu aya patula patali sareng leungitna nagara. Leungit bapa kaula, leungit kulawarga kaula, kaula nunggelis kahiji kitu, kadua salira anu meunangkeun sayembara, wayahna bae kaula teh badi nuturkeun bade sumujud lahir batin dunya aherat.
Bambang Surya :”emm, ieu meureun anu disayembarakeun.”
Dayang              :”Abdi bade ngiring sasapu bade ngiring beberes.”
Cepot                 :”Gan, rek naroskeun bae ka denaya bilih ieu turunan siluman.”
Bambang Surya :”Lain ieu mah asli manusa.
Kakasih teh?”
Putri                   :”Ngaran kaula Mustika Dewi atanapi Purbaningrum.”
Bambang Surya :”Heug teu nanon dupi ieu?”
Dayang              :”Abdi neneng turba.”
Cepot                 :”Kersa ka abdi?”
Dayang              :”Abdi mah pasesaan batur.”
Bambang Surya :”Bae dibawa sangsara ku akang wios?”
Putri                   :”Sawios kaula mah, sanaos dicandak ka liang cecepotge mangga.”
Cepot                 :”Heh cocopet kituh.”
Bambang Surya :”Hayu tuturkeun akang.Maksudna rek ka daerah amarta heula, ka daerah madukara.”
Putri                   :”Maksadna?”
Bambang Surya :”Nya kumaha akang bae, sae namah nuturkeun akang.”
Putri                   :”Ngan upami salira parantos jadi salaki, kumaha akang. Kahiji da meunang sayembara, kaduana abdi parantos nunggelis teu indung teu bapa.”
Bambang Surya :”Hayu, Cepot tuturkeun kaula. Hayu cepot.”
Cepot                 :”Ke heula rek mudun  ka lebak.”
Tunda lampah eta kacaritakeun dimadukara, arjun kasumpingan ku prabu batarakresna.
Kresna               :”Sampurasun rayi.”
Arjuna               :”Mangga linggih sarengs saha.”
Kresna               :”Kaleresan akang teh kasumpingan kakang semar.”

                                      Arjuna             :”Atuh kabeneran.”
Semar              :”Sembah kapihatur geuning euleuh agan.”
Kresna             :”tenang, calik calik! Sampurasun rayi.”
Arjuna             :”Wilujeung sumping raka batara kaleresan geuning ieu jeung si bangsat kadieuna.”
Semar              :”Eh jang, keukeuh bae aing disebut si bangsat, nya teu nanaon ai henteu mah make kasinggung nya ucu.”
Arjuna             :” Kumaha bae raka batara, anu di pilarian pusaka layang jamus kalimusada teh lapur. Laporan ti ditu, tidieu teh teu kapendak anu pisan aya wartos  layang jamus kalimusada ten aya nu maling.”
Kresna             :” Oh kitu ! Kusaha ceunah?”
Arjuna             :”Nu malingna teh kulawarga semar jeung si semarna.”
Kresna             :”Euleuh euleuh nu mawi akang teh ka sumpingan kakang semar ngadu panginten ka akang yen ceunah Dawala di sandra dugi ka henteu na jalaran sadayana teu rumasa yen nyandak jamus layang kalimusada.”
Arjuna             :” Tah da ieu mah sanes beja ti sasaha guru anu salamina di pupusti ku kaula nyaeta kangjeng rama guru residorna.”
Semar              :”Duh deudeuh jang, masih keneh kapangaruhan geuning jang. Bangsa-bangsa urang teh ku datangna andar-andar. Ari kadulur sorangan anu sabener-benerna mere beja anu yakin anu karasa bener, diantep . ari beja tinu lain, dipercaya. Hem paingan nagara sorangan di culkeun sadayana da loba kapangaruhan ku budaya-budaya deungeun keneh. Malahan  budaya eta teh dianggapna agama deui. Aya leuwih agama mah anu sumpingna ti Alloh tur ti Rasululllah. Urang mah ulah leupas ti dinya. Ka Alloh wae urang mah sareng ka sunah Rasul, heueuh.”
Kresna             :”Rayi, deudeuh ieu mah lain dewala lain kulawarga semar nu maling tapi yakin ieu teh aku lian. Anu maling jamus layang kalimusada tah ieu teh cara fitnah teh ulah diangge adu domba rayi. Supaya urang sareng rakyat parasea terus-terusan silih gorengkeun silih omongkeun. Ieu teh yakin urang bangsat teh bakal aya nu mecah belah. Seueur nu mecah belah boh ti jero nagar boh ti luar nagara.Anu tadina pangaruh sejen teh dianggepn agama tin budaya. Dugi kadinya kaharti rayi?”
Arjuna             :”Ulah ngabela semar, ayeuna keneh semar rek dipaehan ku kaula.”
Kresna             :”Duh deudeuh .”
                        Arjunaaaaaaaaaa.
Arjuna             :”Saha cocorowokan?”
Kresna             :”Saha?”
Bambang         :Sampurasun.”
Arjuna             :”Rampes-rampes.”
Semar              :”Eh saha cocorowokan jang.”
Cepot               :”Abdi mah moal kajero ah.”
Bambang         :”Naha moal kajero?”
Cepot               :”Yeu rek mariksakeun beuteung, pamajikan kareseban.”
Bambang         :”Sampurasun arjuna.”
Arjuna             :”Rampes satria . Saha satria?”
Bambang         :”Ngaran kaula Bambang Surya Ningrat.
Arjuna             :”Timana?”
Bambang         :“kaula ti nagara purbakancana.”
Arjuna             :”Naon kalungguhan anjeun?”
Bambang         :“Raja nagra purba kancana.”
Arjuna             :”Raja nagara purba kancana?”
Bambang         :”Atawa bisa disebutkeun nagara purba leungi.”
Arjuna             :”Maksud tujuan anjeun datang kadieu naon?”
Bambang         :“kaula rek menta garwa sampean rek nyandung kakara hiji bojo teh.”
Arjuna             :”Wah gelo ! Geus di pariksakeu anjeun ka rumah sakit jiwa, kalakuan ti euwah euwah deudeug sampe rupa hade. Na mementa bojo kaula teh odading.”
Bambang         :“Pokokna di bikeun nuhun, sok kumaha tanggung jawab anjeun salaku salakina.”
Arjuna             :”Ih satria, yeuh kaula anu ngaran arjuna lengkahan heula bugang kaula pek bojo kaula anu ngaran subadra srikandi mere.”
Arjuna             :”Enya kaula daek medu, moal jalir jangji suwaya carita.”
Bambang         :”Ayoh, didagoan diluar .”
Arjuna             :”Dagoan di ditu.”
Semar              :”heueuh agana aya aya wae.”
Kresna             :”keun sina di warah, urang lalajaoan.”
Arjuna             :”Sok ai enya mah hayang subadra srikandi elehkeun kaula.”
Bambang         :”Tega lara tega pati?”
Arjuna             :”tega.”
Bambang         :”Naha eta?”
Arjuna             :”Aduh satria.”
Bambang         :”Naha?”
Arjuna             :”Leuleus.”
Bambang         :”Dahar heul kaditu ku kaula ditungguan. Bisi rek ngandelkeun jado urang dieu sok tenagan.”
Arjuna             :”Aduh satria lieur. Kaka batara kakak batara.”
Cepot               :”Rayi ? Rayi putra panengah pandawa. Tah eta rayi kunaon?”
                        Terus ujug-ujug bari aya nu ngabeleset bari nyarita, rayi waras? waras tumekang jadi cageur.”
Arjuna             :”Kurang ajar sia.”
Cepot               :”Agan.”
Arjuna             :”Kabeneran sia kadieu tapi anu ngawaraskeun kaula saha?”
Cepot               :”Nyaah abdi mah sanajan dituduh oge ku abdi bae saeutik saeutik, sa ayat sa kalimah ku jang jawokan jampe jampe di kaluarkeun jeung di ijabah agan damang deui.”
Arjuna             :”Nuhun atuh, yeuh keur jajan.”
Cepot               :”Entong ah.”
Arjuna             :”Lumayan maneh keur mulang tarima. Raka batara ?”
Kresna             :”Rayi?”
Arjuna             :”Luar biasa kaula kawiwirangan tanaga eta satria teh matih. Ari jebet lir kapuk ka ibunan kapas ka hujanan ku pitulungna raka batara kedah kumaha?”
Kresna             :”Carana mah supados salamet mah pasihkeun .”
Arjuna             :”Saha?”
Kresna             :”Subadra Srikandi.”
Arjuna             :”Ih, da lain gelo atuh.”
Kresna             :”Parantos yakin yen nu maling teh si dawala, cepot, semar.”
Arjuna             :”Da etage wartos.”
Kresna             :” ieu teh ngagugu ceunah tah ieu mamalana wiwiran di kolong catang. Teu sakedik masyarakat diluar anu ningali anjeun begalan pati nepi ka elehna.”
Arjuna             :”Sadaya daya.”
Kresna             :”da engke ge bakal karasaeun.”
Arjuna             :”Naha saha atuh raka batara nu malingna?”
Kresna             :”Bapana awewe eta mitohana eta satria, ngan ayeuna euweuh da dibasmi ku eta satria. Tah ieu satria teh lain bade nuhunkeun subadra srikandi, bade nguningakeun kajadian yen jurigna teh parantos ka pendak.”
Arjuna             :”atuh ari barangna.”
Kresna             :”Barangna cing.”
Arjuna             :”Aduh kaula teh gaduh dosa ka kulawarga semar.”
Kresna             :”Oh kitu.”
Arjuna             :”Timbalan. Kang, kang semar hampura, kang cepot.”
Kresna             :”Upami parantos kitu mangga akang mantuan.Tingali tuh ti gunadarma.”
                        Nujul yati nujul nujul medal saking gunadarma.
Sanghiang tunggal :”Dawala.”
Bambang                     :”Ih geuning eyang?”
Sanghiang tunggal :”Tah kitu geuning ayeuna mah sidik nu salah teh saha? Tah kitu pangwarah ka arjuna teh. perjuangan maneh teh teu sia-sia.”
Bambang         :” Nanging ieu barangna.
Sanghiang tunggal :”engke ge kapanggihan  ku maranehna.”
Bambang                     :”Nuhun eyang.”
Sanghiang tunggal :”Nya geus eyangv rek mulang ka sawarga.”
Bambang                     :” Sae namah urang ka tumaripis heula urang ngulub hui.”
Sanghiang tunggal :”entong permios kasep.”
Kresna             :”Rayi .”
Arjuna             :”Kakang aya nu medal eta tina Guhadarma hiji cahaya.”
Kresna             :”Nu mawi ngandung harti eta jalma teh tina pitulung anjeuna.”
Arjuna             :”Saha?”
                                    Dinasti kersa sang dumampara ieu bambang surya ningrat ka pentang ku cakra tulang asal jadi dawala.
Dawala            :”Aduh.”
Cepot               :”Lailahailallah. Teu sangka maneh lain ngomong titadi aing kituh.”
Dawala            :”Lain atoh di tinggal ku uing meunang warisan tujuh tumbak.”
Cepot               :”Heueuh lah teu mahi.”
Semar              :”Cepot Dawala kadieu karumpul halik cuang tewak eta istri anu purba ningrum teh jenggelek jadi pusaka layang jamus kalimusada.”
Arjuna             :”Geuning layang jamus kalimusada.Dayang ema ku cakra yuda leungit janggelek jadi kopeah dalang.”
Cepot               :”Sakitu anu kapihatur ti rombongan, permios kembang sidetik silawung sari tutp lawang sigotaka.”

T- Mobile - iPhone 14

Images of the iPhone 14 Pro from T-Mobile inadvertently display the separate pill + hole punch configuration. We all anticipated...